SISINDIRAN
Sing
getol nginum jamu
Nu guna
nguatkeun urat
Sing
getol neangan elmu
Nu guna
dunya akherat
Bi ilah
mawa lilin
Dibikeun
ka Mang Dodo
Ulah sok
loba ulin
Bisi jadi
jalma bodo
Ema keur
Ngumbah piring
Dibantuan
ku teteh ngan sakeudeung
jadi jalma
kudu eling
sabab
hirup teh ngan sakeudeung
Kamana jalan ka Jogja
Kaditu ka palih wetan
Kamana jalan ka surga
Kaditu ka pangajian
Urang ge hoyong ka jogja
Yuk urang angkat ka palih wetan
Urang ge hoyong asup ka surga
Yuk urang angkat ka pangajian!
Cau naon
cau naon
Cau
kulutuk di juru
Bau naon
bau naon
Bau hitut
nu dijuru!
Aya manuk
dina pager
Na sukuna
aya bola
Lamun
urang hayang pinter
Kudu
getol ka sakola
Tidak ada komentar:
Posting Komentar