Jumat, 31 Maret 2017

Materi Sisindiran



Sisindiran

Sisindiran téh asalna tina kecap sindir, anu ngandung harti omongan anu teu langsung.
Dina sastra sunda anu disebut sisindiran téh nya éta karya sastra anu ngagunakeun rakitan basa kalawan dibalibirkeun.

Sisindiran dibagi jadi tilu golongan, nya éta:
  1. Rarakitan, cirina kecap nu dihareup sarua.
                             Conto: lamun urang ka Cikolé,
                                        Moal hésé tumpak kahar.
                                        Lamun urang boga gawé,
                                        Moal hésé barangdahar.

  1. Paparikan, cirina sora ditukangna wungkul nu sarua.
                        Conto: Aya meri dina rakit,
                                    Boboko wadah bakatul.
                                    Lain nyeri ku panyakit,
                                    Kabogoh direbut batur.

  1. Wawangsalan, nya éta karangan anu diwangun ku sindir jeung eusi. Cirina, kalimah kahiji nunjukeun panuduh(petunjuk), dina kalimah kadua aya kecap nu mirip jeung jawaban nu dimaksud.
                                    Conto: Béas ditutuan deui
                                                Iraha atuh patepung
                                                                                    Wangsalna: tipung

Sisindiran diwangun ku cangkang jeung eusi. Dua kalimah diluhur disebut cangkang, dua kalimah dihandap disebut eusi.
Numutkeun eusina sisindiran dibagi kana tilu golongan, nya éta:
  1. Piwuruk (naséhat)
  2. Silih asih (kasmaran, menyayangi)
  3. Sésébréd (humor/ bodor/ banyol/ lulucon)

1. Conto sisindiran nu eusina kaasup kana piwuruk:
Kanikir siki kanikir,
Cangkudu beunang panimu.
Kapikir beuki kapikir,
Hirup kudu loba élmu.

2. Conto sisindiran nu eusina kaasup kana silih asih:
            Lampuyang nu cocongoan,
            Bawaeun ka Rajagaluh.
            Ku hayang nya sosonoan,
            Isuk mah urang pajauh.


3. Conto sisindiran nu eusina kaasup kana sésébréd:
            Cau naon cau naon
            Cau Kulutuk di juru
            Bau naon bau naon
            Bau hitut nu dijuru

Tidak ada komentar:

Posting Komentar